Es lilin mah ceuceu kalapa muda
Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok sieun mah aduuh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
Dicandakna geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduuh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
Digantelan geuning ku saputangan